Jumat, 25 Januari 2008

Baca

Bah Uju, Ngaprak Pilemburan, Nyebarkeun Bacaan Sunda
Ku Dhifa Galuh Purba

Upama di wewengkon Darangdan, Jatiluhur, Cilangga, Cileunca, jeung sabudeureunana ningali anu numpak sapédah bari ngaboncéng buku, majalah, jeung koran, moal salah deui pasti Bah Uju.

Sapopoéna Bah Uju ngiderkeun buku bacaan ka masarakat kalayan udaganana ngan hiji: supaya éta buku atawa majalah téh dibaca ku urang lembur. Sakali mangsa, saréngséna nyebarkeun buku bacaan di Jatiluhur, mulangna Bah Uju nguriling ka bendungan, jalanna tarahal, seuer batu, tug dugi ka Bah Uju tikoséwad labuh tina sapédah. Tina éta tragédi, waosna dugi ka ompong. Tapi Bah Uju henteu peunggas harepan, da nepi ka kiwari ogé tetep ngurilingan lembur, nyebarkeun bahan bacaan, sanajan nepi ka ayeuna waosna teu acan kagentosan deui.

*
GEUS leuwih ti 19 taun, Bah Uju ngaprak lembur, utamana opat kacamatan di Kabupatén Purwakarta pikeun nyebarkeun bahan bacaan ka masarakat. Bah Uju ukur ngagunakeun kandaraan sapédah, ngaboncéng buku, majalah pikeun diséwa-séwakeun ka urang lembur. Ari harga nyéwana henteu dipatok, saridona baé. Malah, nurutkeun Bah Uju, sanajan henteu dipaparin ogé moal pundung asal buku atawa majalahna dibaraca. Niat Bah Uju mah hayang ngabagi-bagi pangaweruh, ka dituna tangtu henteu kaleuleuwihi upama ketak Bah Uju téh minangka salah sahiji tarékah pikeun nyerdaskeun bangsa.

Sawatara waktu kaliwat, Bah Uju diulem ku Pusat Studi Sunda (PSS) pikeun medar lalakon ngamasarakatkeun bahan bacaan dina acara Sawala Budaya PSS. Teu wudu katingali Bah Uju rada barieukeun diriung ku para barudak ngora anu ngaluuhan Sawala PSS. Anu ngahadiran sawala PSS diwengku ku wartawan, mahasiswa, para penulis, jeung anu kabungbulengan ku bahan bacaan. Dina éta sawala, Bah Uju jadi pangjejer, nyarengan Rahmat taufik Hidayat (diréktur Kiblat Buku Utama), kalayan dimoderatoran ku Dadan Sutisna.

Ti jaman nyuprih pangarti di Sekolah Rakyat (SR) tug nepi ka kiwari, Bah Uju resep maca, pangpangna maca bacaan basa Sunda. Komo deui basa putrana resep ningalian gambar dina majalah, Bah Uju beuki resep maca. Pangna kitu, meuli buku atawa majalah téh jadi kawajibanana pikeun nyenangkeun putrana. Putrana ogé mindeng ménta dipangagambarkeun ku Bah Uju. Tug dugi ka sakali mangsa, Bah Uju kabeurangan digawé alatan mangagambarkeun heula putrana. Ku telat 10 menit, Bah Uju dimutasi.

Kilang kitu, Bah Uju henteu eureun mangmeulikeun buku atawa majalah pikeun putrana. Lila-lila, majalah téh ngabugbrug di imahna. Tatanggana milu maca, beuki lila, beuki nambahan. Antukna Bah Uju meunang ideu pikeun meuli deui bahan bacaan, anu satuluyna diséwa-séwakeun. Harita, kira taun 1980-an, harga nyéwakeunana ogé ukur 10 rupia/ majalah. Tina nyéwakeun salingkungan, lajeng sadésa. Ladang tina nyéwakeun buku bacaan, dipaké ngabiayaan sakola putrana jeung dipaké meuli bacaan anu anyar.

Kira taun 1992, aya mahasiswa ti UNPAD anu Kuliah Kerja Nyata (KKN), kira-kira 11 urang. Éta mahasiswa téh nengetan buku-buku anu nyampak di Bah Uju. Sabada nengetan, éta para mahasiswa jangji rék ngirim buku upama geus mulang ka Bandung. Saréngséna KKN, enya baé para mahasiswa téh ngirim majalah aya kana 600 éksemplar mah. Di antarana aya Manglé, Témpo, Bobo, jeung sajabana. Patali bukuna pamasihan, satuluyna nyéwakeun buku téh henteu dipatok hargana. Saridona baé. Tina ti sa-RT, tuluy sa-RW, sadésa, tug nepi ka sakacamatan Darangdan mimiti diaprak ku Bah Uju.

Dina taun 1992 kénéh, Bah Uju ngadamel surat pembaca pikeun nuhunkeun bantosan majalah urut. Éta surat pembaca dikirimkeun ka sababarah média massa, saperti ka Manglé, Pikiran Rakyat, Fémina, Kartini, jsté. Jarak 10 dinten, burudul sumbangan buku ti mamana, ti Lamongan, Nganjuk, Balikpapan, malah ti Acéh ogé aya. Jumlahna anu ngirim téh aya 54 urang, kalayan jumlah bukuna 14.800 éks. Nya disebarkeun ka saban désa nu aya di kacaman Darangdan. Beuki lila, Bah Uju ngaprakna beuki jarambah, tug nepi ka bisa ngaprak ka opat kacamatan.

Nurutkeun Bah Uju, mémang bangga ningkatkeun minat baca téh, da seueur pisan gangguannana, komo deui kiwari mah resepeun kénéh lalajo tivi batan maca. Bah Uju kungsi nyieun tarékah sangkan daraék maca, ku cara dibibita ku hadiah. Teu sabaraha hadiahna mah, mung sabangsaning alat tulis, lampion, atawa suling, da ari artos mah teu gaduh. Sasarina dina acara Agustusan, acara anu KKN, kenaikan kelas, Bah Uju sok ngayakeun lomba maca. Anyar kénéh ogé, Bah Uju geus ngayakeun pemilihan pembaca teladan. Demi anu kapilih jadi pembaca teladan vérsi Bah Uju taya lian SDN Darangdan II. Nurutkeun Bah Uju, minat baca di SD Darangdan II mémang kaétang pangsaéna.

Dumasar kana pangalaman Bah Uju, tétéla di pilemburan mah masarakat anu mikalandep maca téh golongan menengah ka handap. Anu sok narambut buku ka Bah Uju téh antarana pedagang alit atawa tukang kuli, anu teu tiasa mésér buku atawa majalah. “Ari sabangsa Pa Camat mah tara nambut buku, da cenah mah di bumina ogé tos seueur bacaeun..” kitu saur Bah Uju, basa ditanya saha-sahana anu sok ngalanggan buku bacaeun..

Sanggeus ampir 20 taun Bah Uju aprak-aprakan ngawanohkeun bahan bacaan, Bah Uju boga cita-cita anu tacan kasorang. Taya lian hayang saba désa ngurilingan Jawa Barat ngawanohkeun buku, majalah, jeung koran basa Sunda.

Lamun di saban kacamatan aya nu siga Bah Uju, tangtu minat maca téh bakal ngaronjat. Ketak jeung perjoangan Bah Uju mémang diapilainkeun ku pamaréntah, tapi sumangetna henteu ngendoran. Sumanget Bah Uju terus ngagedur hayang “mencerdaskan kehidupan pilemburan!”***

DHIPA GALUH PURBA

 

© 2007 SUNANGUNUNGDJATI: Baca